Halimun
Halimunan
antara urang duaan
Reueuk keueung ibunan
tinggarendang na tungtung daun
Teu katoong lolongkrang jandela hate
 
Halimun
Halimunan
Rumeuk
sabab cimata ngeyembeng
dina kongkolak harepan

  Bank Indonesia,20 Agustus 2008

 
SEWANG LAMPAH 09/08/2008
 

DINA JEMPLINGNA PEUTING, NGAHERANG NEUTEUP LALANGIT KACIPTA TANGTUNGAN NU DI PIMELANG NU LAWAS TEU MIROSEA IMUT MANIS NGAGUPAY NGEMBENG CIPANON HATE NGOLEMBAR MARENGAN GETERNA ASIH NU MANTENG  

DINA KUMAMBANGNA RASA TEU DAYA TEU WASA
NYIDEM GUNEM BOA URANG BAKAL PEGAT SIMPAY CUKANG AWI PAMEUNTASAN GEUS NGABENTANG PIKEUN LILIWATAN URANG, NU BAKAL PISAH DI PENGKOLAN  

URANG PADA SEWANG LAMPAH MILIH JALAN MULANG DEUI KA SARAKAN BANJAR KARANG PAMIDANGAN NAJAN BEURAT KUDU PISAH ,BONGANNA GEUS NGARANGRANGAN BATAN LEUMPANG RARAMPAYAKAN,URANG PILIH JALAN BUNTU  

URANG TUTUP LALANGSE HATE, JEUNG TIBATAN URANG CAPE
IEU IMUT NU PAMUNGKAS MULAS RASA KEUR MEPENDE PANASNA POE SUGAN BAE BISA TINGTRIM, NAJAN ASIH TEU SUMANDING HAMPURA KALANGKANG RASA,MUGA URANG BISA TIBRA NGEUSIAN JEMPLINGNA PEUTING                        

 ***********
                                
KUNINGAN,8 SEPTEMBER 2008


 
First Post! 09/08/2008
 
Start blogging by creating a new post. You can edit or delete me by clicking under the comments. You can also customize your sidebar by dragging in elements from the top bar.