katineung SULING 09/16/2008
 

katineung kuring ka Rungkun Awi
kaimpi-impi tiap wengi
Rumasa kuring Anggang
Sesah mun hoyong tepang

katineung kuring ka Rungkun Awi
nyieun ceurik kuring teu bisa garing
nyieun jerit kuring ukur kapeurih
ukur bisa ngaluarkeun lagu-lagu sedih

katineung kuring ka Rungkun Awi
nyieun kuring nyaring tengah wengi
karna kuring tos boga jangji
satia dugika dipundut pati
-
Six4sep

 


Comments

Mon, 17 Nov 2008 17:53:09

Aduh puisina mani matak waas.... waas lamun nyorang katukang... waktu kuring nepangan manehna anu lemburna caket rungkun awi hehe... tapi ayuena mah tos janteun kota...

Salam kenal ka Authorna...

 



Leave a Reply

Name (required)
Email (not published)
Website