urang tepang munggaran
barang amprok pada lalagasan
nunda rasa geter katresna
rasa mika welas mika asih
lir ibarat ca`ang bulan opat welas
bagja taya bandingan nana
nya`angan poek nu ngadalingding
ngahudang rasa katresna ka panutan
duka saha,...
duka dimana,...
teuwalakaya nyimpen rusiah hate !
leres ieu teh katresna nu nembongan ?
atawa katresna anu ngalangkang ?
duh Gusti Nu Anggung,
pasihan abdi jalan ....
katresna nu nembongan,.........
kanyaah nu marengan,.........
nu dongkap teu di ondang
nya`angan kaendahan hate
mapaesan taman hate
duriat nu teu weleh minggat
rasa nu teu weleh ngariksa
kanyaah salira,...
katresna salira,....
ngahudang sarebu rasa!
hate nu teu weleh keueung
ku poek nu ngadalingding
sieun,...abdi sieun
mayunan hate sorangan
mung kieu buktosna,...kieu ayana
sono pami teu tepang
kasono nu taya saatna
kanya`ah nu wangi bersih .. satia jadi kakasih
pameunteu marahmay manis
hajakal lamun endah ngan ukur kalangkang
ngaraos re`eus
najan batin patebih, najan urang pa anggang
Hate teu weleh ingeut bae
hoyong patepang pasimpay tangan
hoyong patepung lawung
naimplengan iraha bakal kasorang
kangeun manteung ka salira
kadeudeuh tilam katresna mung hiji kanggo salira
rasa nya`ah rasa katresna kanggo salira
rasa asih rasa heman kanggo salira
naon lepat na naon dosana
mun rasa nyipangkeun tresna mika asih kasalira
kapan cinta kedah anteung jeung asihna
kapan asihh kedah tringtrim sumadinngna
sedeung rasa rumasa manteung deudeuhna demi kasatiaan
janteun pageuh pamadegan
nepikeun bungkusan kalbu mustika asmara
dania saenyana mika asih kasalira
Duh naon lepatna lamun hate mikanya`ah
Duh naon dosana lamun hate mika asih salira
Duh kapalang deudeuh ieu hate mika heman
duh kapalang cinta ieu hate pikeun dirina
najan kudu nandangan tunggara rek satia moal rek sulaya
cinta moal rek kadungsang dungsang, cinta nu pasrah jiwa jeung raga
moal welas kumawelang, cinta lahir tumekaning bathin
sumanding asih nu tingtrim
naon deui atuh ieu nuhadir dina kalbu
panghudang rasa,....... minuhan sagara hate
jajantung ratug tutunggulan, singhoreng salira panutan
nata kata,..niti ati janten sakalimat puisi
asih salira nu teu acan kedal !!
galindeng salira nu diantos !
waktosna kedal lisan,...
nyumponan harapan diri,...
asih salira,...
kanyaah salira,....
duriat salira,
ku abdi diantos
Aya rasa dina diri
sumarambah dina bayah
sumoreang nugencang seueur kamelang
emut kapanutan nuaya di pangumbaraan...
duh panutan .......
salira bet kumolebat bae
ieu hate teu pararuguh
bet hayang sasarengan bae..
junjunan iraha atuh ngajadi..
mun karep nya diri ....
ku kahayang dina sawangan
babarengan silih lendean
dina rasa dina dada aya manehna
duh junjunan kalbu ......
bebende mepende hate
beubeureuh anu geus maneuh
rasa diri hamo lanca-linci
hamo incah balilahan ti salira
Duh ... junjunan ati ...
rasa diri karep beh dieu
diri bet ku kanjonjonan
lamunan kumalayang dina sawangan
kumalayang dina implengan
hete ceurik lamun ras kadiri
sumawona rumaos lamokot ku dosa
inggis Gusti teu ngahampura
duh Gusti bukakeun panto tobat ....
hate ceurik balilihan
inggis Gusti bendu liwat saking
inggis teu masihan waktos
kanggo tobat ka mantena
Gusti hampura abdi
sumangga abdi pasrah badan sakujur
tumarima kana kadar pinuh ku dosa
anging Gusti anu uninga kaayaan abdi saleresna
hate abdi balilihan seja pangampura salira.
Gusti kedah kasaha abdi ngadu
bilih anjeuna cangcaya
kana rasa katresna abdi
abdi jujur mika cinta anjeuna
wakca langeng salamina.
Gusti kedah kumaha nyaurkeunnana
inggis anjeuna sulaya
tebih ti rasa percaya
dumeh abdi ageung dosa...
duh Gusti tulungan abdi
lamun kuring bade wakca...
inggis anjeuna sulaya
bendu ka diri nu dosa, ...
Gusti kumaha abdi nyarita
mungguh ukur kahayang
hayalan kamana-mana
ari karep tara salah,
ngan kanyataan jauh tina lamunan.
raga ukur katempuhan
napsu nu mawa lengkah
nincak kana jalan salah
duh Gusti hampura abdi
mungguh kadar diri
nasib anu mawa jaman
saha anu baha kana takdir
tos jadi guratan illahi
duh junjunan manga nyanggakeun
diri tos lamokot ku dosa
salira tos kauninga
sadaya-daya abdi tumarima
mungguh jalmi gudangna kasalahan
tapi Gusti langkung uninga
jalmi tara salamina salah
mungguh allah lautan hampura
junjunan rumaos abdi lepat
tapi abdi bade janji
kasalira nu dipikacinta
abdi moal baha bade tuhu tur jujur
rasa kaheman nu nyangkaruk
kumalendang dina lamunan
endah kasawang dina implengan
hirup rukun ngajadi hiji
duh junjunan kalbu,
bebende mepende hate, beubeureuh anu geusmaneh,
hate gumalejag ka salira panutan
hamo aya laasna..
Ranggeuy kadeudeuh
aya rasa nu liwat tina mistina
aya rasa nu mudal tina takeran
aya leuwih dina ati nu keur anjeun
aya tambah dina rasa nu keur salira
kanyaah anu kiwari aya
ibarat rasa anu munggaran
kanyaah anu kiwari aya
najan lain nu munggaran, tapi pasti nu panungtung
kanyaah anu kiwari aya
keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
saayana badan dina kakurang
salahirna diri dina kanista
nganyam katresna dina rasa nyaah
ngaranggeuykeun kadeudeuh ku rasa geugeut
keur anjeun, ngan ukur keur anjeun
hapunteun anu kasuhun
upami aya kalelepatan
geuning ieu anu kedal dina hate teh ----panimu ti lembah batur-------
Mangsa urang tepang munggaran
Pa amprok dina mangsa lalagasan
neundeun kadeudeuh dina rasa geter jeung kaheman
Nunda rasa kanya’ah mika welas mika asihh
lir ca’ang bulan purnama tgl opat welas
bagja taya sisilihan nana.
Nya`angan poek nu ngahiyeuman
ngahudang rasa katresna ka panutaning ati
duka iraha,… duka kamana,…
teuwalakaya nunda rusiah ngentabna rasa !
leureus ieu teh katresna nu narawangan ?
atawa kanya’ah anu ngalangkangan ?
Duh Gusti Nu maha suci
pasihan abdi jalan geusan pasini patali asih….
katresna nu nembongan minuhan qolbu,…
kanyaah nu marengan minuhan rasa,………
nu datang teu di ondang,nusumping teu di angkir
Marengan kaendahan manah
mapaesan taman sawarga lokana rasa
duriat nu teu weuleh ngentab
rasa nu teu weleh ngariksa.
Kanyaah kasalira,… katresna kasalira,…
ngahudangkeun sarebu rasa
hate nu teu weleh teuneung ludeung
ku poek mongkleng na peuting
sieun,…abdi sieun mayunan rasa sorangan
mung kieu balukarna,…kieu nyatana
sono pami teu tepa’amprok,melang munteu teupang
kasono nu teu aya wateus wangen
kanya`ah nu wangi bersih .. satia jadi kakasih
pameunteu marahmay manis
hajakal lamun endah ngan ukur kalangkang
ngaraos reueus turguligah,….
Sanajan batin patebih, Sanajan raga urang pa’anggang
Hate teu weleh masket cumantel wae
hayang patepang pasimpay panangan
hoyong patepung lawung paamprok jonghok
Dinaimplengan iraha bakal kasorang
kangeun manteung ka salira.
Kadeudeuh tilam katresna mung hiji kanggo salira
rasa nya`ah rasa katresna kanggo salira
rasa asih rasa kaheman kanggo salira
mun rasa nyipaykeun katresna mika asih kasalira
kapan cinta kedah anteung jeung asihna
kapan asihh kedah tringtrim sumadinngna
sedeung rasa rumasa manteung deudeuhna demi kasatiaan
janteun pageuh pamadegan.
Nepikeun bungkusan kalbu mustikanarasa
da’niat saenyana mika asih kasalira
Duh naon lepatna lamun hate mikanya`ah
Duh naon dosana lamun hate mika asih salira
Kapalang deudeuh ieu hate mika heman
Duh kapalang cinta ieu hate pikeun dirina
Sanajan kudu nandangan tunggara rek satia moal rek sulaya.
Cinta moal rek kadungsang dungsang, cinta nu pasrah jiwa jeung raga
moal alang kumapalang, cinta lahir tumekaning bathin
sumanding asih nu tingtrim
naon deui atuh anu ngancik dina ati
panghudang rasa,…… minuhan sagara hate
jajantung ratug tutunggulan
nata rasa-niti ati ngajadi hiji
asih salira nu teu acan kedal !!
galindeng salira nu diantos !
Waktosna kedal lisan,.. nyumponan kahayang diri,…
asih salira,… kanyaah salira,… duriat salira
Aya rasa dina diri
sumarambah dina bayah
sumoreang togencang loba kamelang
emut kapanutan nuaya di pangumbaraan
duh panutan ati jungjunan qolbu….
salira bet kumolebat bae
ieu hate kumalayang marengan rasa
Rasa kamelang,rasa honcewang
sok ingis salira teu surti.
Mun karep nya diri
ku kahayang dina implengan
babarengan silih lendean
dina rasa dina dada aya salira
duh junjunan panutan kalbu
bebende pamaes mepende hate
beubeureuh anu geus maneuh
iyeu diri hamo lanca-linci
hamo incah balilahan tisalira
Duh … junjunan, panutan ati …
mung salira nu dipikacinta
akang moal baha bade satuhu tur jujur
kadeudeuh nu nyangkaruk
kumalayang dina implengan
endah kasawang dina lamunan
hirup rukun ngajadi hiji
Duh junjunan kalbu,panutan ati
bebende mepende hate, beubeureuh anu geusmaneh,
hate kumalayang ka salira panutan
-------------------ogil----------------------

(Katineung pikeun anjeun di pangumbaraan)
Peuting ieu.
Sora asih kabawa ku angin leutik, sumeredet kana hate.
Teu sangka anjeun bet lunta, jauh duka kamana.
Teungteuingeun, angkat teh bet luluasan.
Tuh langit nu jadi saksi.
Bulan mijah bentang pating kariceup, jiga nu nganaha-naha.
Pileuleuyan kang, ngan sakitu kecap anjeun panungtungan.
Segruk nyuuh na lahunan, horeng peuting ieu panganggeusan.
Kiwari, pengkolan geus kaliwatan.
Asa cikeneh, padahal lawas 40 tahun katukang.
Didieu handapeun kiara, kungsi anjeun menta tepung.
Saksina bulan jeung bentang, sarua jiga ayeuna.
Tah ieu tangkal, bulan jeung bentang, jaradi saksi.
Anjeun pamit rek lunta ka nagri deungeun.
Sanajan urang pajauh, sanajan ukur kalangkang, hate mah tetep padeukeut
Tali asih teu weleh nganteng pikeun salira.
Teungteuingeun, geuning anjeun aya nu boga.
Pileuleuyan atuh geulis, peuting ieu ukur lamunan.
Atuh.......mun pareng datang mangsana, engkang pejah ngababatang.
Paneda teh ngan sarupa, tarimakeun pangbakti engkang pikeun salira anjeun.
Timbanganten, akhir September 2008
junjunan…
upami salira ngintun wartos .. sok aya.. peraosan nu nambih…
nambih nyaah.. nambih sono.. nambih mikatresna..
duh panutan hate
iraha tiasa patepang..
tiasa nyarios..seueur..
tiasa silih pihapekeun rasa anu tos lami teu dugi..
duh.. junjunan…
ieu hate moal kamana-mana
moal bakal nyapirakeun..
kana katresna anu kantos dititipkeun ku salira ..
jungjunan…
rasa sono …
rasa yaah …
katrensna anu beuki dieu beuki tamplok kasalira..
moal aya tandinganna..
moal aya babandingannana..
ningali salira nu tos lami teu katingal dedeganana..
nu tos lami teu karaos asihna..
nu tos lami diimpen-impen…
disapirakeun ..
dikantunkeun..
duh..
jungjunan hate..
..punten..
tos lami ieu hate teu ngartos kana kaayaan ati salira..
ahh..
moal ningali kapengker..
nu penting mah ayeuna..
geter hate teh ngan ukur kanggo salira..
kasono teh.. bet moal aya bandingannana..
bungah.. endah..
.. dugi ka ngeclak cipanon bakating ku bungah sareng sonona….
ka salira
katresna ka salira moal liren dugi kairaha oge..
dugi kamana oge.. dituturkeun..sanaos teu ditungtun..
Sebuah rasa yang sudah lama tersimpan kini terungkap kembali…..
Begitu indah sebuah rasa cinta yang sejati
Jungjunan…
unggal dinten ..
nu diantosan wartos salira
nu diimpen mung salira
sanaos tara nyarios dina impenan..
mung ukur gumujeng bari ningalikeun..
deudeuh pisan..
duh..
jungjunan
..
tapi geuningan nyata..
salira geuning nyaah pisan..
deudeuh pisan..
tresna pisan..
ah..
kuring bade teras gugah..
bade nguping wartos ti salira
bade merhatoskeun salira..
bade nyiar impenan anu katunda..
..
duh..
pamugi leres..
ieu teh bakal wujud..
masing teu terang iraha waktosna..
iraha jantena
duka atuh..
meni hese..
..
kabungah teh geuning aya hahalangna..
jungjunan…
kacinta
katresna
kadeudeuh
kanyaah
kasono
kaheman
ka salira…
beuki…. muka….
lawang katresna ka salira… beuki muka
panto ka sono kasalira beuki… molongo
jandela ka kanyaah beuki muka
jungjunan
wengi ieu karaos pisan sonona..
beuki lami..
beuki dieu...
unggal usik
unggal malik..
duh..
geuningan rindat salira nu karaos..
..
aya anu gumuruh dina lebet dada ..
tos lami teu kedal..
mung ukur dibuni-buni..
disimpen dinu pangnyingkurna..
geuning ayeuna..
..
kuring bagja pisan
anu karaos teh endah..
duh..
iraha atuh tepang..
iraha atuh nyarandekeun kadeudeuh ka salira..
ngaraoskeun seungitna cinta ti salira..
ngaraoskeun cai soca anu lungsur bakatku bagja..
ngaraos bungahna..
basa gugah teh geuning aya salira
bari neutuep geugeut..sono..deudeuh.. nyaah..tresna..
kasono teh ngan ukur kagungan salira.
..
salam sono sareng katresna..
Dinten Kemis
nyaharita urang ngawitan petepang
teu nyana sami-sami ngemutan
Dinten Kemis
geuning katresna mekar na ati
teu walakayan kasiksa diri
antukna silih kedalkeun eusi ati
Kota katresna jadi saksi urang duaan silih kedalkeun katresna
Kota kaasih jadi saksi urang duaan silih tamplokeun ka sono
Dinten Kemis
Urang duaan silih pikanyaan
katineung kuring ka Rungkun Awi
kaimpi-impi tiap wengi
Rumasa kuring Anggang
Sesah mun hoyong tepang
katineung kuring ka Rungkun Awi
nyieun ceurik kuring teu bisa garing
nyieun jerit kuring ukur kapeurih
ukur bisa ngaluarkeun lagu-lagu sedih
katineung kuring ka Rungkun Awi
nyieun kuring nyaring tengah wengi
karna kuring tos boga jangji
satia dugika dipundut pati
-
Six4sep
Dina tungtung reret mega ayang-ayangan
Tan pangreureuhan mageuhan lalampahan
Dina tungtung kiceup,mega langlayeuseun
kapan halodo nyontangan tempo
ngagedurkeunsono muntangan hujan
Dina tungtung teuteup,mega pinuh ku
cimata; maseuhan rasa nu raca.
Bank indonesia 20 Agustus 2008