(Katineung pikeun anjeun di pangumbaraan)

Peuting ieu.

Sora asih kabawa ku angin leutik, sumeredet kana hate.
Teu sangka anjeun bet lunta, jauh duka kamana.
Teungteuingeun, angkat teh bet luluasan.

Tuh langit nu jadi saksi.
Bulan mijah bentang pating kariceup, jiga nu nganaha-naha.
Pileuleuyan kang, ngan sakitu kecap anjeun panungtungan.
Segruk nyuuh na lahunan, horeng peuting ieu panganggeusan.

Kiwari, pengkolan geus kaliwatan.
Asa cikeneh, padahal lawas 40 tahun katukang.
Didieu handapeun kiara, kungsi anjeun menta tepung.
Saksina bulan jeung bentang, sarua jiga ayeuna.

Tah ieu tangkal, bulan jeung bentang, jaradi saksi.
Anjeun pamit rek lunta ka nagri deungeun.
Sanajan urang pajauh, sanajan ukur kalangkang, hate mah tetep padeukeut
Tali asih teu weleh nganteng pikeun salira.

Teungteuingeun, geuning anjeun aya nu boga.
Pileuleuyan atuh geulis, peuting ieu ukur lamunan.
Atuh.......mun pareng datang mangsana, engkang pejah ngababatang.
Paneda teh ngan sarupa, tarimakeun pangbakti engkang pikeun salira anjeun.

Timbanganten, akhir September 2008